Minggu, 06 Juni 2010

Museum Mandala Wangsit Siliwangi - Bahasa Sunda




MUSEUM WANGSIT MANDALA SILIWANGI
Museum Wangsit Mandala Siliwangi, nyaeta museum sanjata nu ayana di Bandung, Jawa Barat. Nami Siliwangi nyalira nyaeta salah sahiji name raja panduri karajaan pajajaran nu kawasana teu kawates, eta Raja arif tur wijaksana jeung wibawa dina ngajalankeun roda pamerentahan, sedengken hartina mandala wangsit nyaeta salah sahiji tempat anu nyimpen, amanah, wangsit sarta nasehat ti pajoang jaman baheula turna ka generasi penerus ngaliwatan banda-banda au ditinggalkeun-nana.
Nami jalan tempat museum ieu, JL Lembong, dicandak ti name letkol lembong, salah sahiji bala tantara Siliwangi anu jadi korban dina paristiwa kudeta angkatan perang ratu adil (APRA), sateuacanana jalan ieu teh namina Oude Hospitaalweg.
Sajarah museum
Wangunan nu ngabogaan gaya arsitektur late romanticism diwangun di taun 1910-1915 dina masa kolonial walanda jang tempat panyicingan perwira walanda saentos kamerdekaan dicandak ku bala tantara Siliwangi jang digunakeun markas Divisi Siliwangi (Militaire Akademie Bandung) di taun 1949-1950. Wangunan ieu luas tanahna 4.176 jeung luas wangunanana 1.674 .
Dina tanggal 23 mei 1966 wangunan ieu di ajegkeun jadi museum Wangsit Mandala Siliwangi ku panglima divisi Siliwangi ka-8 kolonel Ibrahim Adjie.
Dina taun 1979 wangunan anyar tingkat ka 2 nu di resmikeun 10 November 1980 ku pangdam siliwangi ka 15 mayjen Yoga Sugama jeung prasastina di tandatangannan ku presiden RI Soeharto.
Koleksi museum
Koleksi museum nyaeta banda-banda nu digunakeun ku pasukan kodam Siliwangi ti pakarang sapopoe jiga tumbak, panah keris, kujang jeung bom Molotov nepi ka sanjata modern siga panser rel (jieunan Indonesia), meriam,jeung kandaraan lapis waja.
Di taun 1926 Mandala Wangsit Siliwangi oge pernah aya kajadian pemberontakan APRA, di dinya oge letnan Kolonel Adolf Lembong anu pupus jadi pahlawan jang Indonesia jeung Philipina.
Aya oge tantara Kendil(tantara anu nyeuri hate)
Name Siliwangi dicandak tinami Raja Pajajaran nu boga gelar Sribaduga, Mahaguru, Maharaja, Prabusiliwangi, jeung anu sejenna.
Museum nyaeta hiji tempat anu miboga fungsi jang mamerkeun, ngajaja, ngoleksi elmu budaya jang tujuan pendidikan jeung rekreasi.


Konferensi Asia Afrika nu mimiti (KAA 1) diayakeun di kota Bandung dina kaping 19 april 1995 jeung diiluan ku 29 nagara kawasan Asia jeung Afrika. Konferensi ieu ngahasilkeun 10 siki hasil kasepakatan kabeh nu pigaduh name dasasila Bandung/ Bandung Declaration.
Dina ayana Dasasiila Bandung mampu ngahasilkeun resolusi dina siding PBB nu ka 15 taun 1960 nyaeta resolusi Deklarasi Pembenaran Kamerdekaan Ka nagara-Nagara jeung bangsa anu ka jajah nu mindeng kasohor Deklarasi Dekolonisasi.
Nagara-Nagara anu miluan KAA di Bandung nyaeta:
1. Indonesia
2. Afghanistan
3. Kamboja
4. RRC/ Cina
5. Mesir
6. Ethiopia
7. India
8. Filipina
9. Birma
10. Pakistan
11. Srilanka
12. Vietnam Utara
13. Vietnam Selatan
14. Saudi Arabia
15. Yaman
16. Syiria
17. Thailand
18. Turki
19. Iran
20. Irak
21. Sudan
22. Laos
23. Libanon
24. Liberia
25. Thailand
26. Ghana
27. Nepal
28. Yordania
29. Jepang




Sapuluh inti sari / isi anu dipikandung dina Dasasila Bandung nyaeta:
1) Mihormat kana dasar manusa anu aya dina piagam PBB.
2) Mihormat kadaulatan jeung integritas sakabeh bangsa.
3) Mihormat jeung ngahargaan kana parbedaan RAS jeung ngaku aya panyamian sakabeh ras jeung bangsa di dunia.
4) Teu milu campur jeung intervensi nagara sejen.
5) Mihormat hak sakabeh bangsa jang ngabela sorangan atawa kolektif hiji nagara gede.
6) Teu ngagunakeun aturan ti pertahananan kolektif jang bertindak jeung kapentingan hiji Negara Gede.
7) Teu ngancem jeung ngalakukeun hiji kekerasan ka hiji daerah atawa kamerdekaan politik hiji nagara.
8) Ngabereskeun jeung ngasalsekeun pasualan sakabeh bentuk perselisihan Internasional hiji jalan akur jeung persetujuan PBB.
9) Ngamajukeun kaptentingan mikabeh jeung kerjasama.
10) Mihormat hukum jeung kawajiban internasional.
Di ajeg keun dina kaping 24 april 1980 ku Pa Harto.
Pasualan-pasualan anu dibahas:
1. Konflik gede Indonesia jeung china].
2. Agresi komunis internasional.
3. Kolonialisme jeung imperialisme.
4. Lomba sanjata.
5. Rasialisme.

Dina kaping 18-24 april 1955 ngundang 30 nagara, tapi aya hiji nagara anu teu miluan nyaeta RHODESIA kulantaran keur aya konflik.KAA ngahasilkeun kamerdekaan jang 3 nagara jajahan di Asia , afrika jeung ngaruh kana:
· Lahirna nagara-nagara anu merdeka
· Peranan PBB jadi leuwih alus
· Lahirna gawe bareng di sakabeh bidang
Ali Sastro Amijoyo nyaeta wakil jang Indonesia.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar